Sabtu, 22 Maret 2014

Harita,

Nalika munggaran tepang
Salira nitipkeun deudeuh dina paneuteup
Mentang panah katrèsna dina rindat soca

Teu wasa ngejat
Asih anjeun lir balati
Nanceub pageuh dina ati
Kawas kapas nu kaibunan
Ngararasakeun kacinta nu sumarambah

Kembang-kembang nu nyaksian
Tarungkul kaisinan
Nahan rasa anu nyiksa
Urang teu wasa balaka

Ngan ukur kelèt panutan
Maling rèrèt matak kapèlèt
Kapèngpèongan bèbèakan
Teu wasa neuteup gamparan

Geulis,
Malati narima jangji
Rasa asih nu sajati
Engkang moal lanca linci
Inggis salira kanyenyeuri

Sari kembang campaka
Nyambuang nyeungitan rasa
Bagja nu urang ayeuna
Mugi langgeng salawasna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar