Ngageugeudegna kadeudeuh
ngagugudagna kanyaah..
motahna rasa kacinta
ngagalura jero dada..,
hate pogot noroweco
micangcam nu di pidangdam
di dodoho rasa sono
manehna da teu ngawaro,,
elekesekeng teu genah cicing
nganti-nganti nu dipieling
manehna angger teu sumping..
tinggal kuring langlang-lingling
nalangsa ambon sorangan..
Sabtu, 22 Maret 2014
Harita,
Nalika munggaran tepang
Salira nitipkeun deudeuh dina paneuteup
Mentang panah katrèsna dina rindat soca
Teu wasa ngejat
Asih anjeun lir balati
Nanceub pageuh dina ati
Kawas kapas nu kaibunan
Ngararasakeun kacinta nu sumarambah
Kembang-kembang nu nyaksian
Tarungkul kaisinan
Nahan rasa anu nyiksa
Urang teu wasa balaka
Ngan ukur kelèt panutan
Maling rèrèt matak kapèlèt
Kapèngpèongan bèbèakan
Teu wasa neuteup gamparan
Geulis,
Malati narima jangji
Rasa asih nu sajati
Engkang moal lanca linci
Inggis salira kanyenyeuri
Sari kembang campaka
Nyambuang nyeungitan rasa
Bagja nu urang ayeuna
Mugi langgeng salawasna
Salira nitipkeun deudeuh dina paneuteup
Mentang panah katrèsna dina rindat soca
Teu wasa ngejat
Asih anjeun lir balati
Nanceub pageuh dina ati
Kawas kapas nu kaibunan
Ngararasakeun kacinta nu sumarambah
Kembang-kembang nu nyaksian
Tarungkul kaisinan
Nahan rasa anu nyiksa
Urang teu wasa balaka
Ngan ukur kelèt panutan
Maling rèrèt matak kapèlèt
Kapèngpèongan bèbèakan
Teu wasa neuteup gamparan
Geulis,
Malati narima jangji
Rasa asih nu sajati
Engkang moal lanca linci
Inggis salira kanyenyeuri
Sari kembang campaka
Nyambuang nyeungitan rasa
Bagja nu urang ayeuna
Mugi langgeng salawasna
Langganan:
Komentar (Atom)